Rabu, 14 Mei 2014

Sasakala Situ Patenggang

CINTA mibanda kakuatan nu rohaka. Cinta, merelukeun perjoangan jeung pangorbanan, kalayan disorang ku haté nu ihlas. Najan dipisahkeun ku anggangna tempat, tapi ku cinta mah mo burung jauh dijugjug anggang ditéang. Ki Santang jeung Déwi Rengganis, nu ngawiru cinta munggaran. Hiji mangsa manggih cocoba, kudu paturay paanggang tineung. Sanaos kitu, ari ati papada ati mah teu weléh cumantél. Peureum kadeuleu, beunta karasa. Anu ahirna ngajurung duanana pikeun maluruh laratan séwang-séwangan. Déwi Rengganis maluruh laratan Ki Santang, pon pilalagi sabalikna. Patéangan-téangan, tug dugi ka nyaliksik ka tepis wiring. Cunduk waktu, ninggang mangsa, antukna Déwi Rengganis sareng ki Santang teu burung patepung lawung paamprok jonghok di hiji tempat kalayan disaksian ku hiji batu gedé, anu kiwari katelahna Batu Cinta. “Jungjunan buah ati di pawenangan, nyanggakeun raga katineung anu ngancik dina asmara. Jisim abdi téh parantos apruk-aprukan maluruh laratan salira, nanging ihlas, rido, dugi ka ayeuna urang tiasa patepang dibarung haté kebek kabagjaan…” kitu saur Déwi Rengganis. “Deudeuh teuing, geulis. Akang ogé apan salami ieu téh lumampah tanpa tujuan, éstuning nuturkeun indung suku téh sanés bobohongan. Demi anu diseja, taya deui iwal ti patepang sareng salira. Kiwari akang kacida bungahna, bungah kagiri-giri wiréh urang patepung di ieu tempat…” waler Ki Santang. Déwi Rengganis sareng Ki Santang silih cacapkeun kasono di luhur batu gedé, batu cinta. Salajengna Ki Santang ngedalkeun pamaksudanana pikeun nyandingkeun Déwi Rengganis. Tangtos baé Déwi Rengganis henteu nampik, sasat tos jadi cita-citana ti kapungkur. Kilang kitu, Déwi Rengganis aya panuhun ka Ki Santang. Manawi teu kaabotan, jisim abdi téh gaduh kahoyong…” “Mangga, geulis. Hoyong naon baé, moal burung ditarékahan, pikeun ngabuktikeun cinta akang ka salira…” “Duh… jungjunan buah haté, jisim abdi téh hoyong dipangdamelkeun situ sareng parahuna, kanggo urang duaan lalayaran…” “Situ?” “Sumuhun, jungjunan…” DHIPA GALUH PURBA “Sumangga, ku akang dipangdamelkeun…” “Akang Ihlas?” “Tangtos baé, geulis. Bujeng hingga ukur situ, dalah dipiwarang ngadamel laut ogé, tangtos akang bakal narékahan sakamampuh akang…” “Hatur nuhun, akang…” Kocap Ki Santang anu katelah mibanda kasaktian, langsung ngetrukeun sakur pangabisana. Ki Santang nénjrag lelemah dibarung ku kakuatan anu rohaka. Bumi inggeung, sarta cai nyusu ngaburial. Cai nyusu ngeueum éta patempatan tug dugi ka jadi situ. Teu hilap, Ki Santang ogé ngadamel parahu, kanggo lalayaran. Sabada Ki Santang tiasa nohonan pamundut Déwi Rengganis, tangtos baé Déwi Rengganis ogé henteu sulaya kana jangjina. Ki Santang sareng Déwi Rengganis maheutkeun jangji, meungkeut cinta ku pertikahan. * Kiwari Situ Paténggang kakoncara minangka salahsahiji tujuan wisata Jawa Barat. Naha bet katelah Paténggang? Taya nu terang sacara pasti, da anu écés mah kawitna tina paténgan. Maksad Paténgan téh nyandak tina lalampahan Ki Santang sareng Déwi Rengganis anu silih téangan atanapi patéangan-téangan. Demi parahu anu didamel ku Ki Santang téa kiwari ngajanggélék jadi hiji pulo anu perenahna di satengahing situ. Éta pulo téh kiwari dinamian Pulo Asmara. Tangtos nyandak tina asal muasal parahu, anu dianggo ngumbar asmara ku Déwi Rengganis sareng Ki Santang. Dumasar tina éta lagénda, kiwari tumuwuh kapercayaan atanapi mitos di sabagéan masarakat. Utama mah aya nu gaduh pamadegan, yén sing saha baé anu nuju papacangan, bakal lana hubunganana, pami lalayaran di Situ Paténggang. Ku ayana éta mitos, seueur anu wisata ka Situ Paténggang téh disarengan ku bébénéna séwang-séwangan.*** http://galuh-purba.com/sasakala-situ-patenggang/

Sasakala Situ Bagendit

Jaman baheula di hiji lembur aya randa beunghar, ceuk paribasana beungharna Nyi Randa téh éstu lubak-libuk sagala boga. Kakayaanana bru di juru bro di panto. Sasakala Situ Bagendit :: Dongéng ilustrasi: Mangle Éta Nyi Randa téh katelahna Nyi Endit. Awakna jangkung rada ngeusi tapi sorana cempréng. Mun pareng nyarékan bujangna atawa barudak sok laklak dasar bari sorana matak katorékan. Rupana henteu geulis kitu wé saperti urang lembur nu séjén kasebut ngan ukur jajar pasar. Tapi lantaran perbawa kabeungharanana, manéhna asa panggeulisna di lembur éta téh. Sapopoé gawéna ngan ukur midang némbongkeun papakéan jeung perhiasan emas berlian anu sarwa alus. Kongkorong emasna sagedé nyéré digantelan ku liontin sagede jengkol. Beulang kénca katuhu bari alina reunceum dina ramona. Jaba ti éta antingna guntang-gantung beuki tambah gonjleng. Dahareunana, unggal poé ngajagrag dina méja. Iwal ti sangu jeung deungeunna dina méja séjén aya rupa-rupa bangbuahan. Éta kadaharan anu sakitu ngaleuyana téh éstu tara kasoro ku batur, sanajan di imahna téh aya nu babantu. Jadi sanajan loba dahareun gé, Nyi Endit mah tara daék barangbéré ka batur. Tah najan paparéntah kana gawé mah ceréwéd pisan ka bujang téh ari muruhan mah itungan pisan. Ku kituna, ku urang dinya mah Nyi Endit téh katelah Nyi randa medit. Batur salemburna geus apal pisan, meditna Nyi Endit lain baé karasa ku bujang-bujangna tapi ogé karasa ku batur salemburna. Nyi Endit mah tara daék campur jeung urang lembur da cenah sieun karebut harta bendana, tara daék méré sumbangan keur nu miskin. Mun pareng aya nu baramaén ngalanto ka buruanana sok nitah bujangna ngabuburak, ngusir nitah jaun ulah asup ka buruan. Di lembur éta Nyi Endit siga pisan nu hirup sorangan teu maliré ka tatangga, tara daék nulung ka nu butuh tara daék nalang ka nu susah. Sapopoéna nu diriksa ditalingakeun téh ngan ukur harta bandana, sieun aya nu leungit sieun aya nu maling. Leuit nu ngajajar digembok dikoncian, pakéan ditumpuk-timpuk dilomarian, duit disumput-sumput dina handapeun kasur. Dina hiji poé ka buruanana aya hiji aki-aki. Awakna begéng bari geus bongkok, maké dudukuy samak geus rawing, léngkahna dibarengan iteuk, pakéanana rudin kuleuheu. Éta aki-aki teu kanyahoan ti mana jolna ujug geus ngajengjen hareupeun panto bari pok uluk salam ka nu boga imah. “Assalamualaikum, nu kagungan bumi aya linggih? Punten aki kamawantun … nyuhungkeun sangu sakedik mah… lapar aki téh”. Kitu pokna bari brek diuk dina émpér. Barang Nyi Endit ngadéngé aya nu pupuntenan bari rék ménta sangu, gancang baé mukakeun panto. Nyi Endit ngabedega dina panto bari tutunjuk, pok ngagorowok “Naon ménta sangu.. naha kami boga dahareun téh beunang barangpénta kitu. Lapar... Usaha atuh lain baramaén”. Nyi Endit pohara ambekna kadatangan aki-aki téh. Lin baé tutunjuk ngusir tapi bari jeung nyuntrungkeun aki-aki ti émpér ka buruan. “Ka ditu indit montong datang ka dieu” bari nitah badegana ngusir aki-aki ti buruanana. Aki-aki teu bisa kumaha, terus ka luar ditungtun ku tukang kebon. Hatena pohara nyerina ngadéngé babasan Nyi Endit anu kasar, ngusir asa popohoan pisan. Barang geus kaluar ti buruan Nyi Endit, éta aki-aki téh teu aya nu nganyahoankeun kamana léosna, tingal iteukna wé nanceb diburuan Nyi Endit, poho mawa meureun aki-aki téh. Ambekna Nyi Endit acan leler, rét kana iteuk anu nanceb, sérénténg baé, iteuk dicabut bari dibalangkeun ka jalan. Tapi anéh bin ajaib, tina tapak iteuk dicecebkeun téh bet bijil cai mancer kaluhur. Beuki lila beuki gedé ngaburial ti jero taneuh nepi ka ngagulidag minuhan buruan. Nyi Endit pohara reuwasanana, manéhna gogorowokan ka bujang-bujangna nitah nyocokan liang cai. Tapi cai lain ngorotan malah beuki gedé, terus lebleban ngeueum sagala nu aya kaasup imah jeung harta banda Nyi Endit. Nyi Endit jejeritan ménta tulung bari teu leupas ngagagandong harta emas berlianana. Tatangga boro-boro hayang nulungan, kabéh mupuas da bongan manéhna gé tara daék tutulung ka batur. Cai anu bijil tina iteuk aki-aki téa beuki gedé ngumpul ngabalong. Imah Nyi Endit ngalelep kakeueum cai, Nyi Enditna tembong ngangkleung di tengah cai bari keukeuh nanangkeup gembolan barang-barangna. Teu kungsi lila Nyi Endit teu tembong deui ngilu tilelep ka jero cai. Éta cai nu terus ngagulidag, beuki lila terus ngabalong gedé pisan nepi ka jadi situ. Éta situ nepi kiwari katelah Situ Bagendit. Pernahna di wewengkon Kabupaten Garut. ( Sumber: Helins / Mangle No. 2281) Read more: http://archive69blog.blogspot.com/2014/04/sasakala-situ-bagendit-dongeng.html#ixzz31g57MKqO

Sasakala Situ Cileunca

Jaman baheula di hiji leuweung geledegan, aya tangkal kai anu kacida gedéna jeung jangkungna, ngaran éta kai téh Rasamala. Sakabéh tatangkalan anu aya di sahandapeunana jeung di sabudeureunana éta tangkal kai gedé téh mani ngarasa gigis tur kacida mihormatna malah saolah-olah ngaku raja waé, rajana tangkal kai di éta leuweung téa. Dina hiji waktu, sawatara tatangkalan nu aya disabudeureunanan téh uplek ngabrol gunem catur. Anu ngamimitian ngobrolna téh tangkal Kareumbi, pokna téh kieu, “Lain, Ki Silah, ari di dinya rek angger anut wae jeung tetep rék ngaku raja ka Rasamala téh.” “Nya enya atuh, moal enya teu sauyunan atawa teu umum jeung batur, kuriak pada nyarebutkeun nu notorogan mun boga lampah anu béda ti batur téh,” ceuk tangkal Dadap. “Hih ulah waka boga anggapan kitu, anggur éta boga pakarang anu sareukeut, sasatna cucuk anu aya dipimilik ku awak sakujur gésék-gésék waé kana sakujur awak ngarah Rasamala téh peuriheun,” ceuk Tangkal Kareumbi. “Naha Ku naon kitu?” “Ngéwa tuda kami mah, éta mun aya milik téh hawek pisan, mun aya rijki sok dihampol dipiheulaan baé. Sok didongkang ku akar mayangna, jadi hakaneun téh béakeun ku sorangan. “Aéh heueuh nya, kakara eungeuh. Kaula gé sarua sok mindeng ngarahuh. Sakalina hayang moyan bet sok lebeng da panonpoé téh kahieuman baé ku dahan jeung daun Rasamala.” “Tah geuning kapikir ayeuna mah ku anjeun nya?” ceuk kareumbi nguntup. “Ké heula, urang ménta pamanggih anu séjén,” ceuk Dadap rada nyandet. Kuniang jukut alak-alak nyanghareup ka dadap jeung kareumbi. “Hih sukur atuh boda rencana kitu, puguh kuring gé sarua boga haté kitu ngan teu betus. Kuring gé ngan koré waé téh hésé ngajangkungan hésé rék ngarambat da kahalangan. Kuring ngarojong kana pamaksudan anjeun duaan,” pokna. “Yu atuh ulah léléda ari pada-pada boga kanyeri mah urang ngajorag Rasamala,”pokna. Teu lila Kareumbi, Dadap jeung jukut Alak-alak madep ka hareupeun Rasamala. “Pangapunten sun, numawi ngadeuheus téh abdi saparakanca seja ngadugikeun kasedih ati katugenah manah. Éta ka mastaka salira téh sok aya nu cucungah, manuk ésé nangka sok clé waé kana mastaka salira anu sasat jadi makuta anu kedah dipupusti ari ieu dikotoran. Mangga emutan. Kotoran téh sok janten manggandeuh anu sok nyongcay tuangeun salira.” Bakat ku ambek di mana aya manuk ésé nangka eunteup dina Rasamala sok ngagidegkeun tangkalna. Lila-lila tangkal Rasamala téh jadi purutul henteu daunan. Tinggal tangkal anu ngalengeceng tapi tanggoh henteu régrog sanajan kadupak angina kakeueum ku cileuncang anu ngadak-ngadak ngabendung sabudeureunana. Cileuncang anu ngeyembeng pedah cihujan teu bisa laju ka hirir kahalangan dangdaunan Rasamala anu numpuk. Kulah cileuncang lila-lia jadi ngalébéran, antukna jadi hiji situ anu katelah situ Cileunca, robah ucapan tina kecap cileuncang.** (Akub Sumarna / Galura) Read more: http://archive69blog.blogspot.com/2012/06/sasakala-situ-cileunca-dongeng.html#ixzz31g4JgXjj

Sasakala Gunung Wayang Bandung Selatan

Tersebutlah seorang keturunan Ratu yang bernama Pangeran Jaga Lawang. Dalam kehidupannya ia sering bersemedi di puncak Gunung Wayang yang sunyi. Sang Pangeran mempunyai seorang puteri cantik tiada tandingannya. Puteri Langka Ratnaningrum, namanya. Ia sudah mempunyai calon, pemuda keturunan Galuh. Gagak Taruna, namanya, yang sedang menempa diri dengan melakoni hidup bertani di lembah Ci Tarum yang subur. Pemuda yang rajin, siang bertani, malam bersemedi. Padi tampak subur dan hasilnya pasti akan jauh lebih banyak dari panen musim lalu. Maka disepakati untuk segera menikah dengan puteri pujaan hatinya. Seperti biasa, ia sering bersemedi di makam Nyi Kantri Manik di hulu Ci Tarum. Malam itu terlihat datang gadis cantik yang tiada taranya. Gagak Taruna kaget. Diam-diam ia jatuh hati kepada gadis itu, namun si cantik segera menghilang di mata air. Sadar itu sekedar godaan, maka ia segera pulang. Namun pikiran dan hatinya masih terus terpaut kepada si cantik di hulu Ci Tarum. Padi sudah menguning, tapi belum juga dipanen. Rupanya Gagak Taruna sedang kasmaran kepada bayangan si cantik. Semua merasa aneh, karena Sang Pangeran terlalu sering bersemedi di hulu Ci Tarum begitu magrib menjelang. Bukan tiada yang mengingatkan, namun pemuda itu sudah terpincut senyum yang sangat memikat. Nyi Kantri Manik asalnya gadis yang cantik yang sakit hati hingga meninggalnya karena pemuda pujaan calonnya tidak menepati janji untuk bersatu. Kini ia selalu membalas dendam dan membenci semua lelaki yang lengah. Sang Pangeran selalu diingatkan agar segera mempersiapkan diri karena waktu pernikahan sudah dekat. Padi yang sudah lama matang kemudian dipanen. Persiapan menikah besar-besaran sudah dipenuhi. Ketika waktunya tiba, iring-iringan seserahan bergerak menuju puncak Gunung Wayang tempat calon mertuanya berada. Setelah calon pengantin pria dirias, ia memohon diri untuk melakukan nadran ke hulu Ci Tarum. Sesampainya di sana, ia menyuruh pengiringnya mundur dan segera menuju puncak Gunung Wayang, karena ia akan segera menyusul. Setelah kembang rampe, melati dan campaka ditebar, di seberang terlihat Nyi Kantri Manik tersenyum memikat. Dengan sigap Gagak Taruna berdiri, berjalan menuju ke tempat senyuman yang terus mengembang. Gagak Taruna terus berjalan di dalam air menuju bayangan hingga akhirnya tenggelam. Di tempat calon pengantin wanita, semua gelisah menunggu, ke mana Gagak Taruna? Rombongan yang menyusulnya mendapatkan Sang Pangeran sudah mengambang. Pangeran Jaga Lawang sangat prihatin. Ia melampiaskan rasa dukanya itu dengan mengobrak-abrik apa yang ada di dapur. Hawu/tungku dilemparkan dan perabot dapur dibanting. Makanan yang dimasak dilemparkan sampai habis, maka terbentuklah kawah Gunung Wayang. Air yang mendidih dengan lalab-lalabannya dilemparkan membentuk kawah Cibolang di Gunung Windu. Puteri Langka Ratnaningrum sangat bersedih, lalu berjalan tak tentu arah. Ternyata ia sudah berada di dalam hutan. Air mata darah terus mengucur. Itulah yang kemudian membentuk air terjun Cibeureum di Gunung Bedil. Nayaga yang masih berharap Sang Pangeran datang tak mau pergi, maka berubahlah mereka menjadi arca. Sebagian alat-alat tabuhnya dilemparkan, di antaranya membentuk Gunung Kedang. Mayit Gagak Taruna dikubur di hulu Ci Tarum. Sementara itu Pangeran Jaga Lawang menempa diri menyepuh hati, menghyang di Gunung Seda, ia selalu menanti putri yang dicintainya segera pulang. Oleh karena itu jangan heran, bila pada malam bulan purnama sering terdengar sayup-sayup bunyi gamelan. Itulah prosesi penyambutan pengantin pria. Bila terlihat asap Gunung Wayang mengepul berlapis-lapis, itu artinya keluarga pengantin perempuan sedang sibuk memasak. Sumber : Harian Pikiran Rakyat 19 Pebruari 2008 Dari Buku Nji Anah juru mamaos Cianjuran merupakan salah satu penulis dari Cianjur

Selasa, 13 Mei 2014

Wadjah Pangalengan Tempoe Doeloe De poort van theeonderneming Malabar (1943) Pintu gerbang selatan menunju afdeling (perumahan pegawai) dan pabrik teh Perkebunan Malabar, nampak ciri khas bangunan tradisional Sunda yang sampai sekarang keberadaannya masih terpelihara di kampung Malabar Pangalengan. Het wegen van de thee-oogst na de ochtendpluk, Malabar (1930) Kegiatan penimbangan (wegen) pemetik teh (thee-oogst) pada pemetikan teh pagi hari (ochtendpluk). sebelum teh tersebut dibawa ke pabrik untuk diolah. Verzending van thee vóór de invoering der vrachtauto’s, thee-onderneming Malabar Kurang lebih artinya “Pengiriman teh untuk dimasukan kedalam kendaraan angkut (mobil barang). Tidak jelas kendaraan apa yang dimaksud, kemungkinan teh tersebut dianggkut menggunakan kereta kuda ke Stasiun Banjaran, kemuadian dari sana dianggkut ke Bandung dilanjutkan ke pelabuhan Cirebon menggunakan kereta api. Selanjutnya produk teh ini didistribusikan ke seluruh dunia. Theefabriek Tanara, Pengalengan (voor/before 1943) Sebuah pabrik pengolahan teh antara Malabar dan Cibolang, bila anda berniat menuju kolam pemandian air panas Cibolang, anda akan melewati pabrik ini, ditempat inilah kakek bekerja sebagai staff, dan 3 orang anaknya yang menjadi pegawai teknik. Rekrutmen pegawai di perkebunan masih bersifat turun temurun. Tanara- en Malabar theetuinen, hoogvlakte van Pengalengan (1949) Administrateurswoning van de theeonderneming Malabar, Pengalengan (1952) Rumah kediaman adminstratur Perkebunan Teh Malabar, tempat tinggal K.A.R Bosscha pada saat menglola perkebunan. Tampak background dari bangunan ini adalah Gunung Nini, tempat sang juragan perkebunan mengamati seluruh kegiatan perkebunan. Dari Gunung tersebut akan terlihat jelas seluruh landscape Pangalengan, tentunya bila tidak turun kabut :) . Pemeliharaan rumah ini (Wisma Malabar) sekarang dipegang oleh PTP Nusantara 8, sayangnya tempat ini sering digunakan kegiatan yang tidak bermoral seperti Uka-uka dan unji nyali. Tji Bolang Tanara, Assamthee-onderneming, Malabar (1927) Cibolang merupakan sebuah perkampungan kecil di kaki Gunung Wayang Windu, salah satu andalan objek wisata di Pangalengan karena disana terdapat kolam pemandian air panas.