Dina tataran sastra sunda, komo sastra nu asalna tina folk lore atawa carita rahayat, ngaran Kabayan geus akrab pisan jeung alam pikran urang sunda boh kolot atawa budak. Si Kabayan ngarupakeun hiji symbol tina papatah jeung siloka dina kahirupan keur kahuripan jalma salila hirup kumbuh di alam dunya ieu. Si Kabayan kadang kagambar jalma anu ngedul kacida, kadang oge kagambar jalma anu pinuh akal tur tarekah dina kahirupanna.
Dina lebahan ieu, pangjejer bade nyobian ngaguar salah sahiji dongeng ngeunaan si kabayan nyaeta si Kabayan ngadeupaan lincar. Supaya langkung jentre kieu kinten-kintena dongeng eta teh.
Dina hiji poe, si Abah anu mangrupakeun kolot nyi Iteung nu mangrupkeun bebende si Kabayan rek ngayakeun hajan nu cukup rongkah, duka hajatan naona mah ngan anu jelas hajatan eta kacida rongkahna. Aya nu nyaritakeun syukuran panen nu hasil taun ieu, aya nu nyebutkeun hajatan ulang taun pernikahan emas si Abah jeung Ambu, bahkan aya oge anu nyebutkeun si Abah arek nyandung. Ah pokokna eta hajat the rongkah kacida.
Atuh otomatis anu diondangna oge tamu kacida lobana, aya nu ti suklakna ti siklukna ge daratang. Komo atuh tatangga salembur mah daratang. Ngan aya hiji anu rada aneh tina hajatan ieu the nyaeta sikep si Kabayan. Anehna manehna mah cicing-cicing bae teu riweuh jiga batur nu ngobrolkeun hajatan si Abah. Jigana manehna hare-hare bae kana hajatan eta. Basa manehna ditanya ku si Armasan “ Kabayan kunaon maneh mah jiga nu hare-hare wae si Abah hajat teh?” si Kabayan ngajawabna enteng pisan “ Ah keur naon diondang oge henteu”. Kitu jeung kitu jawaban si Kabayan ungal ditanya ngeunaan hajatan si Abah.
Akhirna cunduk waktu, ninggang mangsa hajatan si Abah teh dilaksanakeun. Enya we hajatan teh meni rongkah kacida. Eta we keur nyieun panggungna oge meni meakeun dua dapuran awi sagala, kitu oge tamu anu diarondang meni garinding kacida. Aya kepala desa jeung aparatna, bapak camat katut garwana, jeung anu rea-rea deui. Kumaha si Kabayan? Manehna mah santei-santei bae, malah mah kalah ulin jeung mundingna di sawah bari pok nyarita kieu “ Emh si Abah hajat rongkah, tapi meni teu inget ka kuring mah, padahal tatangga pang deukeutna “ kitu gerendeng si Kabayan. Keur kitu Jorojoy dina pkiran si kabayan make aya niat rek mere pelajaran ka si Abah.
Di tempat si Abah hajatan geus dimimitian, anu biantara naek kana panggung mawakeun acara. Hiji-hiji acara dimimitian ti mulai degung, kacapi suling, nepi ka acara utamana dina peutingna nyaeta nanggap wayang golek ku dalang anu geus kasohor. Para tatamu oge disuguhan kadaharan anu istimewa.
Dina peutingna nalika acara wayang golek lumangsung, si Kabayan rerencepan ngadeukeutan imah si abah. Barang anjog ka imah si Abah, manehna ngulicer ka tukang tuluy manehna mentangkeun leungeuna bari tuluy ngagorowok “sadeupa, dua deupa, tilu deupa” orokaya si Abah nu keur aya di jero imah kagareuwahkeun ku sora ti tukengun imah tea.
Panasaran si Abah nyusul ka tukang ari pek kapanggih ku si Abah yen nu gogorowokan teh geningan si Kabayan. Teu antaparah si Abah nyarekan ka si Kabayan “si Borokokok! Sugan teh saha, ari pek teh maneh geningan? Keur naon peuting-peuting aya didieu jaba gogorowokan” dicarekan kitu si Kabayan kalem bae malah jiga anu teu malire, malah tuluy neruskeun itungana “dalapan deupa, salapan deupa, sapuluh deupa, sabelas deupa, dua belas deupa” nepi ka akhirna “lima belas deupa” geus kitu jung nangtung bari nyarita “Bah geuningan jarak imah abah ka imah kuring teh teu leuwih ti lima belas deupa nya?” dikitukeun si Abah malik nanya “terus masalahna naon?” si Kabayan ngajawab “ah teu nanaon Bah! Ngan eta we mun Abah butuh nanaon teh apan pang heulana nu digorowok dititah teh pan kuring, pedah pangdeukeutna” terus si Kabayan cingogo bari pok nyarita “tapi aneh ari pas Abah rek hajat mah kuring teh apal ti si Armasan nu imahna tongoheun sawah Abah nu di lebak”
Ngadenge jawaban kitu si Abah jiga nu kaeraan. Si Abah arapap-eureupeup ngajawabna. Si Abah ngarasa memang manehna geus kalawan ngahaja mopohokeun si Kabayan, nu padahal si kabayan teh tatangga pangdeukeutna.
Tina carita si Kabayan ieu, aya hiji titenaneun keur urang yen dina hirup kumbuh dina masyarakat urang ulah mopohokeun ka tatangga. Sabab jeung tatanga pisan urang pangmimtina mun aya kaperlu tur kabutuh, bahkan lain jeung dulur atawa indung bapa, tapi tatangga.
Kajadian anu dialaman ku si kabayan jeung si Abah nagrupakeun hiji realita kahirupan anu geus lumangsung ayeuna, lain wungkul di kota tapi oge di desa. Komo ari di kota mah urang kadang geus teu apal jeung saha urang natangga, abahkan urang hare-hare wae saha tatangga urang. Kajadian gembong Noordin M Top jeung antek-antekna nu bisa bebas tur lalugina ngajalankeun operasina di tengah-tengah masyarkat, ieu nandakeun yen kapadulain masyarakat di urang geus mulai laas bahkan mungkin euweuh sama sakali. Geus teu paduli saha gigireun naon gawena, bahkan mungkin teu paduli naha tatangga urang eta teh geus manggih dahar poe ieu atawa teu.
Geus cukup waktu keur urang salaku generasi ngora, pikeun iatna deui dina ngagali nilai-nilai karuhun oge nilai-nilai kaislaman dina kahirupan sangkan tenang dina hirup kumbuh di masyarakat. Nilai anu dimaksud didieu nyaeta nilai hade ka tatangga. Sabab jeung tatangga pisan urang pangheulana sili tulungan oge sili bantuan. Islam salaku agama nu Rahmatan lil Alamin ngajungjung pisan nilai hade ka tatangga, bahkan Rasul saw kantos sasauran “sing saha jalma nu iman ka Allah tur poe akhir, maka kudu hade ka tatanga” ti dieu jelas pisan yen Islam ngagungkeun pisan naon anu disebut hade ka tatangga.
Pon oge kitu, dina adat budaya urang oge aya budaya nu pakuat-pakait jeung hade ka tatangga, saperti budaya gotong royong, hal ini teu aya lain tujuanna suapaya urang bisa hade jeung tatangaa, sabab tina gotong royong eta urang bisa ngarasa kana butuhna urang ka batur jeung enakna umpama hiji kabeurat disanghareupan kalawan babarengan.
Ngan anu jadi kahanjakalan, boh budaya atawa nilai agama eta geus euweuh di urang, bahkan aya kesan hubungan teh ngan saukur dina hubungan pagawean wungkul, di luar eta geus leungit nilai silaturahim anu mangrupa hiji kawajiban salaku umat anu beragama. Sapertos dawuhan Rasul anu unggelna “sing saha jalma nu iman ka Allah jeung poe akhir maka kudu nyambungkeun tali silaturahim.”
Jadi kacida gedena manfaat urang alus tur hade ka tatangga teh, sajaba ti urang bisa sili bantuan dimana keur aya kasusah, urang oge bisa sakaligus ngajaga kaamanan lingkungan. Sabab moal bisa urang sili tulungan lamun teu hade mimitina tur moal bisa urang ngajaga lingkungan urang lamun urang teu apal saha nu jadi tatangga urang.
Lima Abad Sastra Sunda (sebuah antologi). Wahyu Wibisana,Iskandarwassid dan Tini Kartini
Tidak ada komentar:
Posting Komentar